Selasa, 07 Januari 2014

Nineung ka Budak Angon



Nineung


Paralun
Kaula rek ngaguar carita Pajajaran
Ku sabab
Pajajaran dijieun carita
Tapi disilok jeung diréka dirarobah
Ku anu sarieun
Ngadegna deui Pajajaran

Lain Pajajaran nu baheula
Lain Pajajaran nu kiwari anggeus leungit
Lain Pajajaran nu diarep-arep ku kahayang
Tapi, Pajajaran anu anyar
Anu napak tina uga dina jajaran anu satahap
Satampiyan dina saleuwi
Ngajajarkeun jeujeur sajati
Nyaeta Pasundan Islam
Nu ngajajar manjang ka wetan
Ngalonjor jolok ka kulon
Diratuan ku nu adil  
Ngalaman deui cara baheula
Boga raja heunteu sulaya


Pasundan Islam mahmur lain ngan ukur dilamun
Tapi mahmur nu karasa
Sabab di dieu mah adil téh lain omong anu kosong
Tapi adil anu bukti
Lain ngaran wungkul catur
Lain ngan omong pangbébénjo
Lain carita nu sulaya

Lain siga nagara nu ayeuna
Nu raja na ngan saukur loba jangji
Jangji eudeuk nyieun somah pada jembar jeung raharja
Tapi, nitah ngagarap sawah di salah wayah
Bubuntut salah nu ngatur
Panarat pabeulit dina cacadan

Arinyana barareunghar tina babangsat
Sararenang tina ruruba dararagang
Tapi, bari nyieun susah usaha somah
Padahal somah teh pada nyaho
éta raja teh monyét nu haréjo
Monyét nu garading
Kabéh monyét beuki kamalinaan mararabok kakawasaan
Hayoh dibaréré deui kakawasaan
Tapi, engké jaga bakal datang Budak angon
Bakal ngalungkeun sayang tawon
Bari ngakekesek somah anu mudu manjakeun bari nyuguhan
Sabab inyana geus sebel jasa
Neuleu monyet-monyet rarajaan
Inyana mudu ngalaman heula loba lalakon
Anggeus nyorang undur jaman datang jaman
Saban jaman mawa lalakon

Budak angon mah nyaho kana gantina jaman
Nu ciri gantina ti jelema-jelema caropot kedok
Rahasiah mararuka sorangan
Da arinyana anu nyaho lalakon
Bari tenget ka sakur nu di jaman édan ararédan
Pada-pada keur ngalalakon dina panggung sarwa sulaya
Tah budak angon nu éta anu dina pantun disebut-sebut Prabu Siliwangi

Budak angon anu weruh di semuna
Bari nyaho di jogona
Da arinyana mah lain ngangon kebo di sampalan
Lain ngangon badak di alas tangtu
Tapi, kalakay jeung tutunggul
Loba anu katimu ku arinyana
Tapi, loba ogé anu disumputkeun heula
Sabab acan wayah mudu dicaritakeun
Najan geus raraog mararénta  di lalakonkeun
Inyana pageuh nyekel tulak rahasiahna Pajajaran

Engké mun geus témbong budak angon
Datang ngabéjaan anggeus laguna ngarakrak panggung
Enggon kacolah anu é-édanan jaradi édan
Geus datang keuna dawuh
Mudu dirubuhkeun jeung didudutan
Balukarna? Rusuh gedé saamparan jagat
éta rusuh gedé mémang baris mudu kajadian
Lain digara-garakeun ku budak angon
Tapi, digara-garakeun ku monyét beureum jeung monyét hideung
Anu jaradi gara-gara gerna perang sanekala  

Caringin anu keur eunyeuh reuntasna kabawa caah
Monyét hideung karebut ka sabrang deui
Tapi, monyét-monyét anu beureum antep intip di pipir leuit
Ari monyét-monyét anu harejo
Arembung turun ti luhur panggung
Panggung rubuh! Dirubuhkeun talaga bedah
Anu bedah ku lini jeung ku gunung gedé
Di tambah ku tujuh gunung
Munding bulé, anjing bodas, mararodar diséréd guntur



Sakabéh rupa monyét pada haliwu
Sabab sarieun ditarempuhkeun leungitna nagara
Padahal heueuh lapurna nagara teh gara-gara monyét
Keukeuh harayang baé pangkawasana
Jeung keukeuh baé mudu turut ngatur nagara
Malah somah nu ditempuhkeun ku monyét 

Salegana nagara cara keur kahuruan
Loba seuneu loba cai
Tah didinya kara nyarariar  budak angon
Sejana dék marénta tumbal
Sabab, inyana nyaho anu bakal ngadegkeun deui Pajajaran

Pajajaran anu anyar ngadeg deui
Nyaéta Pasundan Islam
Jadi nagara anu nengah dina jajaran
Saamparan jeung satahap jeung nagara-nagara anu sahaté  
Orang Sunda araratoh
Sabab di saban kalang
Sunda deui anu unggul
Sunda deui anu meunang
Sunda deui anu jadi jawara!

Tapi, engké jaga bakal aya anu hiri dengki
Dina nyilih deui bangsa Sunda
Sabab arinyana saririk sieun kasili wawangi
Jeung sieun diterapkeunna hukum Allah
Tapi, jangji Allah pasti bukti
Menangkeun bangsa anu ngarti kana harum sajati   

Ku kituna engké jaga urang papag éta budak angon
Urang dukung ku sararéa
Nu bakal jadi panggeuing
Ka batur batur urut salembur
Ka dulur-dulur anu baheula
Pikeun ngadegna Pasundan Islam
Anu jembar hampurana
Nu subur tatanénna
Anu béra dagangeunnana
Anu ragem jeung papada nu hadé haténa

Engké jaga baris datang jaman
Bakal nyararaho
Bakal daratang deui jelema
Loba ménak loba pangkat
Harayang diaraku deui
Rawayan ti Pajajaran
(Gugun Sopian)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar